Abdi
sareng rerencangan kaleresan angkat sakola sareng, ditengah-tengah jalan aya
hiji ibu-ibu anu ngerenkeun abdi sareng rerencangan.
“neng
ari nu kapungkur metik kembang matahari ieu saha nya? ” ibu-ibu eta nyarios
Abdi
sareng rerencangan kaget, mangsana eta kembang teh abdi sareng rerencangan anu
metikna. Kacaritakeun kapungkur mulang
tisakola abdi sareng rerencangan ningal hiji tangkal anu ngundang kapanasaran.
Mangsana eta tangkal teh cahyaan tapi samar-samar, teuing tangkal kembang,
teuing tangkal bungbuahan, teuing dangdaunan wungkul, pokoknamah ngundang
kapanasaran. Tos lami abdi sareng rerencangan merhatikeun eta tatangkalan, dina
hiji poe eta tangkal teh kembangan, kembangna jiga kembang matahari koneng tapi
esena keemasan.
Dina
tangkal eta aya tilu kembang nu jadina, abdi sareng rerencangan diniatan bade
melak eta tangkal. Mulangkeun tisakola abdi mampir heula ka eta imah anu boga
tangkal.
“
Assalamualaikum ”
“
waaalaikumussalam “ waler hiji jalma
Abdi
kaget yen jalma anu ngawaler salam abdi teh hiji lalaki
“
aya naon teh “ manehna nanya
“
punten a iyeu abdi sareng rerencangan bade nuhunkeun kembang matahari emas nu
aya dipayunen bumi aa? “
“
oh muhun mangga teh “
“
leres a? “
“
muhun mangga mangga “
“ naha eta jalma teh mani entengeun
pisan mere eta kembang padahalmah nu dituhunkeun teh kembang matahari emas ” ceuk
hate abdi.
Tuluy
abdi sareng erencangan metik eta kembang matahari teh tapi eta kembang hese
pisan dipetikna kudu make ... anu seket sedengkeun hente aya nu nyandak ...
tajam hiji oge.
“ eh ke heula urang nyandak iyeu, cik acakan make iyeu
bae ” saur Empat
Manehna pek teh ngaluarkeun catut kuku anu leutik
“ nya bener bae pat, maenya urang metik kembang
matahari kucatut kuku “ waler Anisa
“ acakan wae heula sugan bisa daripada ngutek bae
dipurilit-purilit “
“ nya sok atuh acakan “
Eta catut gancang ku abdi
direwak sabab awak tos teu kuat nahan panasna panonpoe, kurang leuwihna
satengah jam ku metikna eta kembang matahari. Sangges ditempat ngiuhan urang
ngabagi eta esena kembang jadi opat bagean, hiji jang abdi sorangan, nu tiluna
jang Empat, Anisa sareng Ipah. Urang tos janjian rek melak eta kembang caritana
mah jamgen kenang-kenangan sabab ayena urang tos kelas tilu sakedeng deui rek
paturay tineung cek paribahasa namah.
“ muhun bi abdi sareng rerencangan anu metik eta
kembang teh “ waler abdi ka ibu-ibu eta
“ punten pisan neng abdi rek nuhunkeun deui eta ese
kembang soalna eta ese teh asalna menang tisumatra pan didieu mah jarang
nugaduh eta kembang teh, aya keneh sanes? “
“ oh aya bu tapi eta kembang nu tadina sabuleud tos di
bagi opat janten kumaha bu? ” Anisa ngawaler
“ entos wios neng nu penting mah esena masih aya”
“ muhun bu insyallah ke enjing bade dicandak “
“ diantos nya neng saenggalna “
Dina waktu istirahat abdi
sareng rerencangan ngariungkeun kajadian anu tadi isuk, abdi sareng rerencangan
rek neangan deui ese kembang matahari emas tea, sabab eta ese teh laleungit
sawareh. Mangsana abdi sareng rerencangan kompakan rek langsung moe eta kembang
meh tereh jadi caritana mah tapi seueur kajadian anu kalakonan ku eta ese teh,
aya anu dipacok ku hayam, aya kusabab kahiberkeun angin, aya kusabab katebuk
budak. Tina riungan eta aya sababaraha tempat anu dikira-kira ngajual kembang
matahari, diantarana tukang pepelakan hiasan nu aya diranji kulon, nah uih
tisakola abdi sareng rerencangan bade ngecek ka eta tempat tapi pas ditingali
nu gaduh eta pepelakan teh teu aya tapi toko namah masih buka. Terus abdi teh
tataros deui ka rerencangan sejen, nah surna teh aya tatanggana anu gaduheun
pelak kembang matahari, abdi langsung wae ka eta tempat nu aya dipasarean.
“ Assalamualaikum ”
“ waalaikumussalam ”
“ punten bi saurna teh bibi gaduh pelak kembang
matahari, leres? ”
“ oh muhun leres neng kumaha kitu? “
“ bi abdi sareng rerencangan bade nuhunkeun esena
tiasa? ”
“ nya mangga neng mangga, hayu kadieu yeuh ese
kembangna aya didieu! ”
“ panginten sabaraha bi pangaosna? ”
“ hente neng teu kedah da iyeu mah bibi oge gaduh deui
tuh seueur, mangga candak bae bilih kanggo yugas mah ”
“ ih hente bi sanes kangge tugas iyeu mah kangge
ameng-amengan ”
“ nya mangga teu nanaon ”
“ hatur nuhun bi Assalamualaikum! ”
“ Waalaikumussalam ”
Ka isukana keur waktu
istirahat abdi ngumpilkeun eta ese kembang matahari, nah kuabdi dipasihkeun ka
ibu-ibu tadi.
Kaleresan ese kembang masih
aya sesa ku abdi dibagi deui opat bade kompakan dipelak payuneun bumi
masing-masing jang kenang-kenangan. Awalna eta kembang teh jang kenang-kenangan
perpisahan wungkul tapi eta kembang teh sakaligus kenang-kenangan tina kajadian
anu kamari kaleresan tempat kajadiana didukuh kopi, upami tijalan raya gang
alit anu diawitan ku tukang baso kasohor nyaeta mas topan.
Sangges sababaraha minggu eta
ese teh jadi kacambah pek eta pepelakan teh teu kanyahoan dipacok hayam, sugan
teh pepelakan abdi wungkul anu kapacok hayam teh singhoreng sadayana ngalakonan
pepelakana kapacok hayam. Meren kusabab kurang tenget ngrawatna, jadi abdi
melak deui eta kembang teh sampe ka gede tapi kusabab abdi angkat ka pondok eta
kembang buruk teu ka ala, tapi untung esena masih aya keneh, Alhamdulillah…
Pangarang : NURUL HIKMAH
0 Comments
Post a Comment
Assalamualaikum, selamat datang di web Santri Dafa